Rék belut meunang ngurek, rék meunang ngobor, atawa ngahaja meuli pisan ti pasar. Salah sahiji cara sangkan ditéwakna seuseut jeung leuleueurna ka luar kabéh, belut anu dina wadahna kénéh téh (sangkan teu loba wawadahan nu ngilu kahanyiran), awuran lebu hawu bisa ogé ku abu gosok nu ilaharna dikeleyengkeun ku tukang abu, atawa belut guleykeun kana lebu sina guley pisan.
Miara belut, sakumaha miara lauk séjénna. Ngan sanggeus dibesétan dipiceunan jeroanana, belut diprékprékan sina jalébér cara arék didéngdéngkeun, terus diteukteukan, kumbah.
Belut anu meunang miara tadi, saméméh dibacem bungbu masak atawa rék diolah ku cara kumaha sakapalay, balagudeg manggihan cara (komo anu teu paya ku bau hanyir) sangkan engkéna pasakan belut henteu kaambeu hanyir.
Sanggeus sampurna miarana, cara tadi, belut diwadahan dina wadahna nu bieu kénéh waktu ngumbahna, laju marud bonténg. Kira-kira baé bonténgna, ulah tepi ka belutna ukur hiji, upamana, tapi bonténg anu rék diparudna pikeun pamépés bau hanyir belut téa, tepi ka 10 kilo, asa piraku deui.
Bonténg nu meunang marud téh, campurkeun, galokeun kana belut meunang motongan jeung ngumbah tadi, aduk-aduk tepi kapagalo pisan. Ieu meureun cara ngabacem belut lian ti ku bungbu. Engkeun baceman tadi kurang-leuwih 15 menitan, laju pisah-pisahkeun bonténg jeung belutna, ku cara dikumbah deui atawa ku cara séjénna, teu langkung. Laju bacem ku bungbu atawa bungbuan sakapalay.***
Ngalalab kulub daun gedang, sabagéan jalmi aralimeun, kumargi ku paitna téa. Teu kituna deuih, sabagéan jalmi ogé aya nu mikaresep rasa paitna. Tina nempokeun ibu-ibu PKK praktek masak, balagudeg jadi meunang élmu.
Sangkan lalab kulub pucuk gedang atanapi kulub daun gedang nu ngorana henteu karaos pait, Ibu Nénah salah saurang anggota PKK nu nuju ngulub daun gedang ngora, nerangkeun ka balagudeg:
- Sadiakeun pucuk gedang atanapi daun gedang nu ngorana, upamina bilih badé téa mah ditimbang, seueurna 500 gram.
- Ogé sadiakeun daun jambu kulutuk nu sedeng (teu ngora teu kolot kaayaan daunna), kedah sami ukuranana atanapi beurat timbanganana sareng seueurna daun gedang nu badé dijantenkeun lalab téa. Upami daun gedangna 500 gram, nya daun jambu kulutuk ogé kedah 500 gram.
Babandingan bahan-bahanna kedah 1:1, saur Ibu Nénah. Salajengna, sadayana bahan-bahanna dihijikeun, dikulub. Seueur cai kukulubanana gumantung kana kahipuanana, bilih kirang hipu caina tiasa ditambihan deui, sina ngagolotrok. Saparantosna hipu, jait nganggo sérokan, simpen kana saringan nu di handapeunana aya wadah nu teu bocor, kanggo nampung cai kukuluban nu ngiring kana kukulubanana. Saparantosna, kucuran kukuluban lalab daun gedang nu patengah kénéh sareng daun jambu kulutukna ku cai tiis. Tos karaos tiis, teras pisahkeun daun jambu kulutukna atanapi langsung piceun, nu tinggal kulub daun gedangna. Kucuran cai tiis deui, peureut, angin-anginkeun. Lalab kulub daun gedang siap diidangkeun.
"Nganging teu langkung ka nu mikaresep atanapi kesedepna, pan aya ogé jalmi nu resep lalab kulub daun gedang atanapi nu atah ku paitna, sami sareng jalmi nu mikaresep sayur paria anu pait", pokna.
Sanggeus bérés unak-anik kukulubanana, balagudeg nyobaan sacewir, bener baé sakumaha Ibu Nénah, daun gedang téh jadi henteu pait.***